Kalimat Parentah
Kalimat parentah nyaèta kalimat nu eusina pikeun maréntah batur sangkan milampah pagawèan atawa miharep responsi nu mangrupa tindakan.
Contona : *Cing pangmelikeun mie sedap ka warung Bi Juju!
*Geura jung atuh ari rek indit mah!
Nurutkeun rupana kalimah paréntah dibagi jadi sababaraha bagian, nyaeta :
a. Kalimah Panitah
Nyaéta kalimah anu dipaké pikeun maksa jalma lian migawé pagawéan, biasana sok maké kecap cing, cik, punten.
Contona : Punten pangnyandakeun cai ieu ka ruang tamu.
b. Kalimah Pangajak
Nyaéta kalimah anu dipaké pikeun ngajak jalma lian ngarah digawé babarengan, biasana make kecap (ha) yu, urang, mangga, hayu, urang, jsté.
Contona : Hayu urang indit ayeuna!
c. Kalimah Mangharepan
Nyaéta kalimah anu eusina ngébréhkeun hareupan lumangsungna peristiwa, biasana make kecao mugia, muga-muga, pamugi, hayang tèh, mudah-mudahan, jstè.
Contona : Muga-muga baé kapalay Ibu tinekanan!
d. Kalimah Panyaram/Panyarek
Nyaéta kalimah anu eusina pikeun nyarek jalma lian migawé pagawéan, biasana pake kecap ulah, teu menang, (en) tong, jstè.
Contona : Ulah ulin didinya loba hileudan!
e. Kalimah Pangwawadi
Nyaèta kalimah anu eusina nganjurkeun atawa pangwawadian ka jalma lian sangkan migawe pagawéan7, biasana maké kecap mun, hadéna, alusna, sawadina, jstè.
Contona : Sawadina atu sadérék teh lapor heula ka pupuhu
f. Kalimah Pangjurung
Nyaéta kalimah anu eusina ngajurungkeun jalma lian pikeun migawe pagawean, biasana make kecap geura, gancang, buru (keun), énggal, jstè.
Contona : Gancang geura dandanna!
g. Kalimah Panggeuri
Nyaéta kalimah anu eusina ngébréhkeun pamenta nu lumengis ngarah jalma lian, mikarunya, biasana makè kecap emh, hih, cing atuh, jsté.
Contona : Hih atuh, wayahna geulis sing daék prihatin!
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
PARIBASA
Paribasa nyaèta ucapan matok (pakeman basa) nu geus puguh èntèp seureuhna geus puguh serupana, sarta patokannana saeti patri, nu mangruo...
-
Kalimat Parentah Kalimat parentah nyaèta kalimat nu eusina pikeun maréntah batur sangkan milampah pagawèan atawa miharep responsi nu ...
-
JANJI SATRIA MUDA INDONESIA Akan mengikuti latihan dengan penuh disiplin Tidak akan berkhianat terhadap perguruan Tidak akan m...
-
Nama : Asri Rahayu Kelas : XII-AP Sekolah : SMK Al-Madina Cianjur Meraih Prestasi ...
👍
BalasHapusatur nuhun :)
BalasHapushatur nuhun..
BalasHapushatur nuhun
BalasHapus